tiot's...

tiot's...

Jumat, 09 Juli 2010

UNDAK USUK BASA SUNDA

(UNDAK USUK BASA SUNDA)

Nurutkeun panalungtikan Tatakrama Basa Sunda (UUBS ) teh wangunna saperti kieu:

I. RAGAM BASA HORMAT (BASA LEMES), diwangun ku :
1. Ragam Basa Lemes Pisan (Luhur)
2. RAGAM BASA LEMES KEUR BATUR
3. RAGAM BASA LEMES KEUR PRIBADI ( SEDENG )
4. Ragam Basa Lemes Kagok ( Panengah )
5. Ragam Basa Lemes Kampung ( Dusun )
6. Ragam Basa Lemes Budak

II. RAGAM BASA LOMA (AKRAB, KASAR)
7. RAGAM BASA LOMA ( AKRAB, KASAR, NETRAL )
8. Ragam Basa Garihal ( Kasar Pisan, Songong )

Dina kanyataanana, saeutik pisan kecap-kecap nu mibanda dala¬pan tingkat (ragam) wangunanana. NU KUDU APAL MAH NYAETA RAGAM no 2, 3 jeung 7.

POLA TATAKRAMA BASA SUNDA

POLA I : A # B # C


R.B.Loma R.B. Sedeng R. B. Lemes Keur Batur
( Kasar ) ( keur Sorangan)
A B C

POLA : A # B jeung B # C

balik WANGSUL mulih
bawa BANTUN candak
beuli PESER galeuh
bisa TIASA tiasa
boga GADUH kagungan
dahar NEDA tuang
datang DONGKAP sumping
denge KUPING dangu
era ISIN lingsem
gering UDUR teu damang
imah ROROMPOK bumi
indit MIOS angkat
kasakit PAUDUR kasawat
menta NYUHUNKEUN mundut
nitah NGAJURUNG miwarang

ngomong SASANGGEM sasauran
nyaho TERANG uninga
pamajikan BOJO garwa
poho HILAP lali
sare MONDOK kulem
tanya TAROS pariksa
tenjo TINGAL tingali


Perhatikeun pola di luhur:
A # B # C = A henteu sami sareng B, B henteu sami sareng C


POLA II : A = B # C


A B C

POLA : A = B jeung B # C


baju BAJU raksukan
irung IRUNG pangambung
lalajo LALAJO nongton
ngaji NGAJI ngaos
nginum NGINUM ngaleueut
puasa PUASA saum
samping SAMPING sinjang
ulin ULIN amengan



POLA III : A # B = C


A B C
POLA : A # B jeung B = C

bungah BINGAH bingah
eleh KAWON kawon
kajeun SAWIOS sawios
kungsi KANTOS kantos
tepung TEPANG tepang


POLA IV : A = B = C


Pola : A = B jeung B = C


aya aya aya
kumaha kumaha kumaha
naon naon naon
kadua kadua kadua
itu itu itu
.... jste


Ngagunakeunana Tatakrama Basa ( UUBS ) henteu tiasa lesot tina unsur nu ngarojongna. Nya eta :
- Lentongna nyarita (Gaya berbicara, intonasi)
- Pasemon (raut muka)
- Rengkuh (gerak tubuh, kelenturan tubuh, body language)
- Tata busana.
- Itikad ( nurani)

Tapi nu jadi dadasar utama dina Tatakrama Basa mah nya eta itikad atawa kebeningan hati nu nyaritana. Kalemesan budi jeung rasa kamanusaanana. Hal ieu mah saenyana di luareun aspek basa. Tapi kacida nangtukeunana kana luhur-handapna ajen kamanusaan. Tatakrama raket tumalina jeung adat kabiasaan. Ku kituna dina ngagunakeunanana oge tangtu bae kudu nitenan kana adat kabiasaan di daerahna masing-masing

KAGUNAAN ( FUNGSI ) BASA, kaasup oge tatakrama basa, nyaeta:

1. Kagunaan Kognitif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun nepikeun elmu pangaweruh. Tatakrama basana oge kudu singget, eces jeung nyusun.

2. Kagunaan Konatif. Tegesna basa teh digunakeun pikeun ma-ngaruhan batur, supaya nurut kana kahayang nu nyarita.

3. Kagunaan Estetis. Tegesna basa teh digunakeun pikeun ngagam¬barkeun rasa kaendahan. Ieu oge aya tatakrama - basana. Upamana bae kudu bisa gaya basa ( stilistika ). Nyusun kecap nu endah supaya nimbulkeun rasa endah nu macana/ ngadanguna.

4. Kagunaan Fatis. Tegesna nuwuhkeun rasa kataji (tertarik, simpa¬tik). Carana nyhaeta bisa nyusun kecap, intonasi jeung retorika (ilomu berbicara).


CARA DIAJAR NGAGUNAKEUN TATAKRAMA BASA, carana:

a. Sering merhatikeun batur nu basana hade jeung alus.
b. Sering maca buku nu alus susunan basana.
c. Aya sikep kritis waktu maca atawa mun ngabandungan batur.
d. Biasakeun nyarita ngagunakeun basa nu luyu tur merenah (B.I : yang baik dan benar).
e. Keur latihanana kudu dibiasakeun nyarita ulah gancang teuing (ulah nyoscos). Jadi aya kasempetan pikeun milih jeung nyusun kalimah.

Di masarakat mah pangpangna pikeun di lingkungan anu "terpelajar" (mahasiswa, terhormat), kamampuhan ngagunakeun Basa Sunda, utamana ngagunakeun Tatakrama Basa (UUBS) kacida pentingna. Kapan: Hade ku omong goreng ku omong. Basa mah henteu meuli. Basa mah leuwih seukeut tibatan pedang.
Aya paribasa Arab : " Kuli lisani bil Insani" anu hartina " Tambah loba basa anu urang bisa, tambah luhur niley kamanusaanana ".

BASA TEH KURNIA ALLOH

( Pupuh Dangdanggula )

Ari basa kurnia Illahi,
ku kituna wajib dipiara,
tanda kaagungan Alloh,
keur alat campur gaul,
duduluran silaturahmi,
jeung silih ajenan,
bisa anggah-ungguh,
sopan santun ka sasama,
da basa mah teu mahal teu kudu meuli,
cirina kamanusaan.

***

2 komentar: